KELOMPOK E

Nama Anggota Kelompok : 
1. Argi Rizqi Ramadhan
2. Jazzica Azzurra Anindya Zandra
3. Evan Agustian Al Gifari
4. Nahda Keiza
5. Syarif Hidayat
6. Reski Yuliani
7. Fachri Faitur Rochman.


“Bandung”


    Angin subuh ngagelebug tarik, panon poé can kaluar, raray Empu Wisesa gé can garing tina cai wudhu saréngséna sholat subuh anu langsung beberengkes indit ka padepokan. Empu Wisesa téh mangrupakeun sosok guru sakti anu ngabogaan dua murid anu dimana dua murid eta ogé anak angkat Empu Wisesa. Di padepokan, kadenge ‘srek srek’ sora Wira anu tos sasapu di padepoka bari bébérés tempat latihan. Wira mangrupakeun murid Empu Wisesa anu paling rajin, beda jauh jeung si Jaka. Tong boro-boro bébérés siga Wira, sigana téh si Jaka mah ayeuna ogé can hudang-hudang acan da datangna ogé biasana mah pas poé mulai ka beurangkeun.

    Sapertos biasa, unggal latihan, Empu Wisesa teu weléh dianteuran cai kopi ku putrina, Sekar, anu bageur tur geulis kacida. Sekar teh janten awéwé anu tiasa disebat awéwé anu kapandang ku kageulisan sareng kabageuran haténa anu matak janten parebut antara Wira sareng Jaka. Perféct, lamun ceuk Jaka mah.

    Unggal poé, unggal latihan, unggal di padepokan, tara kaliwat éta Jaka anu keur ngagoda Sekar. Sekar mah ngan saukur seuri weh tara ngarespon, da Sekar mah teu resep kanu jalmi kedul téh.

    Ayeuna sanes poé latihan janten padepokan teh rada sepi, ngan saukur aya Empu Wisesa sorangan. Jol torolong aya Jaka datang tos make baju anu rapih sareng katingal kasep.

    “Meuni tos kasep warangi kieu, badé kamana, jang?” ceuk Empu Wisesa.

    “Badé ka Empu, badé ngalamar tuan putri, Sekar.” tembal Jaka bari diuk caket Empu Wisesa.

    Empu Wisesa narima lamaran Jaka tanpa ngantosan parsetujuan Sekar. Sangkan manéhna mah Sekar ogé bakal bogoheun ka si Jaka. Teras Empu Wisesa mah apal si Jaka teh siga kumaha ti baheula na, janten mercantenkeun ka si Jaka. Atuh si Jaka teh ayeuna nuju bagja pisan da lamaranana ditarima.

    Peutingna, Empu Wisesa nuju ngobrolkeun soal lamaran tadi ka Sekar. Sekar reuwas pisan, “Sekar mah alim sareng Jaka, pak. Sekar mah sanes bogoh ka Jaka, tapi hoyong ka Wira.”

    “Atuh kumaha deui, Kar. Bapak atos narima lamaranana.” ceuk Empu Wisesa.

    “Naha atuh bapak henteu tataros heula ka Sekar, jol wéh maén narima-narima lamaranana.” tembal Sekar sabari lebet ka kamarna teras ngoncian panto kamarna. Sekar téh pundung.

    Empu Wisesa kudu muter otak kumaha carana méh masalah ieu aya jalan kaluarna. Empu Wisesa mutuskeun indit ka luar. Niatna mah ngan saukur kukurilingan. Sugan wéh aya jalan kaluarna.

    Pas Empu Wisesa nuju leumpang, kabeneran pisan Empu téh ningali ka arah utara. Aya beureum beureum naon kitu, henteu katingal jelas da Empu teh panon na tos rada burem. Ku Empu teh ditingal, disidik-sidik leuwih jelas, éh éta téh gunung Tangkuban Parahu nu masih hurung laharna.

    Ti dinya, Empu Wisesa meunang ide. Empu Wisesa balik ka padepokan. Empu ngageroan Wira sareng Jaka. Wira sareng Jaka langsung nyamperkeun Empu Wisesa, "Aya naon, bapak?” ceuk Wira. Wira sareng Jaka emang ngageroan Empu Wisesa maké sebutan ‘bapak’ ti baheula da tos nganggep Empu Wisesa siga bapak sorangan.

    “Wira, Jaka. Tempo lahar Gunung Tangkuban Parahu éta!” ceuk Empu Wisesa bari tutunjuk ka arah utara.

    “Bapak badé méré tangtangan ka Wira sareng Jaka. Cing saha anu mampu mareuman éta lahar, bakal bapak nikahkeun sareng Sekar.” pesen Empu Wisesa ka Wira sareng Jaka.

    Wira sareng Jaka langsung mikiran kumaha carana. Duanana embung kapiheulaan da duanana ogé hoyong ka Sekar. Jaka mikir lamun éta lahar téh moal bisa pareum ku Jaka sorangan mah. Sedengkeun Wira mikir lamun éta lahar téh bisa pareum ku cai. Jaka nyengseurikeun ide Wira ngarasa teu masuk akal kedah ngangkutan cai ka Gunung Tangkuban Perahu atuh meureun lila pareumna pikir Jaka mah.

    Kabeneran Gunung Tangkuban Parahu téh aya di cekungan nu rada handap. Ieu ngagampangkeun Wira kanggo ngalirkeun cai. Wira make élmu nu salama ieu diajarkeun ku Empu Wisesa. Wira ngaruntuhkeun éta bukit nu caket Sungai Citarum. Cai ti Sungai Citarum téh langsung ngaluap sareng ngalir ka cekungan lahar Gunung Tangkuban Parahu.

    Éta lahar téh ayeuna mah atos pareum sabab ku cai nu ngalir téa. Wira ngabuktikeun ka Jaka lamun Wira berhasil mareuman éta lahar. Atuh Jaka téh kesel teu bisa nikah sareng pujaan hati, Sekar.

    Ku sabab caina ngalir gede, ayeuna éta tempat nu asalna pinuh ku lahar berubah janten danau nu luas kacida. ‘Danau Bendung’, namina. Empu Wisesa atos apaleun lamun Wira nu berhasil mareuman éta lahar téh. Teu kedah ngantosan lila, Sekar sareng Wira téh dinikahkeun Empu Wisesa. Kabeneran Sekar téh resepeun ogé ka Wira mah, janten duanana saling bogoh tur saling mikanyaah.

    Ayeuna tos tilu taun ti saprak Wira sareng Sekar nikah. Duanana tos dikaruniai putra nu umurna kakara dalapan bulan, namina téh Raka. Raka mirip pisan sareng bapakna, Wira. Tapi seurina mah sarua pisan sareng mamahna, nyaéta Sekar. Jaka ogé ayeuna mah tos gaduh kabogoh. Kabogohna téh anakna tukang tani caket padepokan, sami geulisna sareng Sekar.

    Empu Wisesa meunang béja lamun danau éta téh janten saat, tapi taneuhna mah subur pisan. Manéhna merintahkeun Wira sareng Sekar pindah ka daerah Danau Bendung jang ngabangun sawah atawa ladang. Sugan wéh sukses da taneuhna subur ceuk béja mah.

    Wira sareng istrina, Sekar, langsung pindah ka nu dituju. Kabeh warga desa anu hoyong bertani ogé ngilu pindah da diparintahkeun ku Empu Wisesa.

    Karek ge sabaraha bulan, Wira téh ayeuna mah tos janten petani anu sukses, duitna loba pisan. Imah na ogé méwah, gedé siga imah artis. Wira diangkat ku warga janten pemimpin di éta tempat. Empu Wisesa ge satuju sareng kaputusan éta.

    Daerah urut Danau Bendung éta téh lila-lila disebut ku ngaran, ‘Bandung’.

    Tamat.

Komentar

Postingan Populer