KELOMPOK D

Nama Anggota Kelompok : 
1. Silvia Nataneila
2. Antika Ayu Simbang Sari
3. Sofi Putri Amelia
4. Diki Wijaya
5. Rifki Dwi Permana
6. Putra Surya Ramadhan.

"Nga(dago)an"
DAGO 1999,

    Angin ngahiliwir anu mawa dadaunan berserekan, pas pisan di jero bumi anu sederhana aya sosok remaja anu keur berleha-leha di kamarna jeung ponsel pintarna, tanganna teu daek cicing pindah kaditu kadieu otak-atik layarna da keur maen game jagoanna. Kuring, Hilmy Ardhinatha. Babaturan mah biasa manggilna Hilmy si Pro Player da jago maen game, ibaratna mah mun aya game pasti aya kuring. Kuring teu sadar yen langit di luar parantos mimiti gelap, kuring sok teu emut waktos nalika kuring maen game. Sanaos, kuring parantos janji jeung babaturan bade malam mingguan di Pusat Kota, tapi dina jam sakieu kuring teu acan siap-siap saolah-olah manehna poho.

    Tok, tok, tok...
    Sora ketrokan panto di hareupeun imahna.

“Assalamualaikum, Hilmy!” saur sosok remaja.
“Waalaikumsalam. Eh Cakra, sok atuh kalebet, ambuna bade sholat heula, bade kamana meni tos kasep kieu?” sambut ibu kuring.

    Si kasep anu jarang akur jeung kuring, Cakra Pradana.

“Eh ambu, ieu teh bade ameung ka Pusat Kota bari malam mingguan, ai Hilmyna aya?” taros Cakra.
“Aya, sakedapnya kasep.” saur ibu kuring.

    Gura-giru ibu nyamperkeun kuring di kamar.

“Astaghfirullah budak teh, Hilmy! Kana hp we haben, tingali ieu jam sabaraha? eta Cakra nyamper ceunah bade ameung.” omel ibu kuring.
“Eeeh, muhun ambu sakedap ieu kagok samatch deui. Duuuh menang ieu mah gaskeun bray.” saur kuring anu fokus ka layar ponselna.
“Yeh budak teh bedegong, lainna sakedap-sakedap, eta karunya Cakrana ngadagoan, sok-sok atuh kabujeng wengi” saur ibu kuring anu tos jengkel.
“Muhun Ambu nu geulis sa-Bandung-eun, Hilmy bade siap-siap heula” saur kuring.

    Kuring gura-giru ngagentos acukna jeung teu poho make parfum andalanna anu matak pikaresepeun awewe da kusabab wangi semerbakna. Saatos sadayana siap, kuring langsung nyamperkeun Cakra di ruang tamu.

“Hampura euy Cak, bieu teh login heula sakeudeung” saur kuring sabari nyengir.
“Halaaah sakeudeung-sakeudeung, angger we ai urang ngadagoan deui mah. Maneh mah teu kaop maen game sakali, geus maen teh bablas we maen hayoh, watir eta si Jaka geus di Saung titadi” saur Cakra.
“Hehe, heeh atuh euy hampura janji teu kieu deui.” saur kuring bari watados.
“Ambu geulisna Hilmy, Hilmy sareng Cakra bade angkat heula malam mingguan da gaul, Assalamualaikum!” pamit kuring.
“Waalaikumsalam bageur, kade ati-ati dijalanna tong wengi teuing uihna” saur ibu kuring.

    Disisi anu sanes, Jaka anu ngantosan Cakra jeung kuring titadi, manehna ngahela nafas.

“Haduh, angger euy Cakra jeung Hilmy mah sok lila, ngaji heula we ah” saur Jaka.

    Si sholeh nan pemberani, Jaka Trista. Jaka teh sok mamawa Al-Qur’an kamana wae manehna pergi.

    Teu lami ti eta, Cakra jeung kuring dateng nyamperkeun Jaka nu pas-pasan karek beres maca Al-Quranna.

“Assalamualaikum bray, hampura euy bieu teh ngadagoan si Hilmy ku lila maen game biasa we proplayer gede dosa mah” saur Cakra.
“Hehehe. Assalamualaikum Jak! hampura nya, teu kahaja” kuring jeung wajah cengengesan.
“Waalaikumsalam. Muhun, apal da geus biasa, santai we. Hayu ah gas kabujeng wengi, rawan-rawan nu kararitu jam sakieu teh.” saur Jaka sabari nyingsieunan dua babaturannana.

    Ngadangu “kararitu” saur Jaka, kuring jeung Cakra teh gura-giru nuturkeun disisina.

    Di sapanjang jalan, maranehna ngobrol-ngobrol sabari seuseurian, ngalewatan desa nu gelap jeung sepi sapertos teu berpenghuni, cahayana ge saukur remang-remang.

“Heh, maraneh hayang apal teu, ceunah baheula ieu teh urut makam jeung loba manusia tak kasat mata” saur Cakra niatna ngaheureuyan kuring.
“Manusia tak kasat mata? Jurig?” taros kuring sabari ngaderegdeg.
“Maneh tah maneh manusia tak kasat mata, nya heeh atuh dodol, jurig.” saur Cakra emosi.
“Percaya we maneh mah ka nu mitos kitu teh, ngewa jiga budak leutik.” kuring seuri sabari batinna mah hayang balik.
“Hep hep, atos tong ribut wae atuh, mun ribut wae mah iraha nyampena. Hayu ah, ngapersingkat waktos.” saur Jaka.

    Jaka sok janten perantara antara maranehna, mun kuring jeung Cakra gelut atawa pasisindir.

    Srek srek...

    Dedengean kuring sok sensitip kanu sora-sora aneh.

“Eh, ngadenge teu sih bieu aya nu kekeresekan?” saur kuring sabari luak-liek sieun.

    Jol, aya bayangan putih gancang ngaliwat ka balik tangkal.

“ASTAGHFIRULLAH!” kuring ngajorowok.
“Naon sih, ku naon ai maneh, Hilmy? Gogorowokan bari teu mere nyaho, geus peuting kieu deui.” saur Cakra.
“B-bieu.. ningali teu?! A-aya n-nu ngaliwat, BODAS!” saur kuring histeris.
“Tarik napas, Hil. Maneh ningalina dimana? Cing bere nyaho meh arurang apal.” saur Jaka nenangkeun kuring.
“Heeh bener, Hil. Teuing sugan eta mah panempoan maneh we butut da kana game wae.” saur Cakra bari bercanda.
“E-eta ditukangen tangkal bieu urang nempo anu bodas-bodas nangtung jaba jangkung.”
“Hm, wadul?” taros Cakra.
“Keureut ceuli urang.” saur kuring.
“Atos ah, jigana eta mah panempoan maneh hungkul, Hil, nu leupat. Daripada teras-terasan ngabahas jurig, mending arurang lanjutkeun perjalanan deui.” saur Jaka.

    Geus satengah perjalanan, ayeuna nyampe di daerah anu kudu diliwatan saacan ka Pusat Kota. Didieu tantanganna teh, kudu ngaliwatan leuweung anu sepi, loba begal, jeung binatang buas. Cakra jeung Jaka mulai jalan asup ka leuweungna. Kuring ngadon ngalamun da sieun.

“Hey, atuh dagoan! Paranas tiris kieu bray” saur kuring sabari lumpat.

Tapi, basa keur lumpat, aya nu nepak taktakna.

“Bade kamana atuh a, tos wengi kieu?” saur batur.

    Kuring melong deui reuwas, tetela eta jalma teh lalaki anu katingalina saumureun jeung bapakna.

“Eh, sugan teh saha, pak, hehe. Ieu bade malam mingguan ka Pusat Kota panginteun, biasa pak anak muda mah kudu gaul, ai bapak bade kamana?” taros kuring.
“Oh, bapak mah ieu we jaga-jaga kuriling biasa, didieu mah sok aya nu jarail, sok atuh a ai bade ka Pusat Kota mah bisi kabujeng wengi.” saur bapakna.
“Oh, muhun atuh pak ai kitu mah, mangga pak.” pamit kuring.

    Tuluy kuring langsung nyampeurkeun Jaka jeung Cakra, dua rerencanganna reuwas lantaran ningali kuring ngomong sorangan.

“Hilmy, ai maneh bieu ngobrol jeung saha? Maneh sehat?” taros Cakra bari neuteup kuring kalawan heran.
“Alhamdulillah sehat, bieu teh urang ngobrol sareng si bapak nu sok jaga-jaga didieu, emang teu ningali? Maenya we.” saur kuring.

    Geus kitu, arurang ngalanjutkeun perjalanan.

“Basa eta mah aya rumor di jalan ieu teh aya kacalakaan, anu newasken hiji lalaki, mun teu salah mah sakitar umur 35 tahun.” saur Jaka nyarita bari leumpang.
“HEH BENER! Ambu ge pernah carita.” saur kuring.
Raraosan kuring jol teu ngeunah, aya nu ngaganjel dipikiranna.
“Ai bieu, urang leres kan ngobrol jeung bapak-bapak?” taros kuring ka babaturan.
“Puguh, Hil. Bieu teh arurang teu ningali nanaon, maneh ngomong we sorangan, sugan teh mah kaasupan.” saur Cakra.
“Heh, ngomong teh! Tapi leres da, Hil, urang ge ningali maneh ngomong sorangan.” saur Jaka.
Jol we kuring teh ngajerit.
“AMBU!!!” tuluy kuring lumpat.

    Tilu di antarana teh ngibrit kabur ti jalan eta, Jaka teras we babacaan ayat kursi. Nepi ka akhirna arurang dugi di Pusat Kota, sanajan masih rada reuwas ku kajadian tadi, terutamana kuring. Di pusat kota arurang jalan-jalan ngulilingan bari loba jajaneun. Terutamana kuring anu sok ngagoda awewe, Cakra jeung Jaka mah geus teu anéh deui. Mun saur Jaka “Hilmy teh dalam sapoe bisa menaklukan 10 wanita.”

    Arurang ngarasakeun sagalana, sateuacan arurang bakal sieun balik ka imah deui, kusabab sieun ngaliwatan jalan eta.

“Tong sieun, kan eta jalan mah silsilahna kieu, biasana warga bakal silih ngadagoan sewangan-séwangan sateuacan ngamimitian lalampahan, nyaeta “Dagoan”. Kusabab eta, warga salawasna indit dina riungan” jelas Jaka.

    Akhirna tanpa rasa sieun, aman jeung tentram, arurang jadi apal silsilah Dago. Kusabab eta, lamun kamana-mana kudu saling NGA(DAGO)AN.

    Tamat.

Komentar

Postingan Populer