KELOMPOK A

Nama Anggota Kelompok : 
1. Ibrahim
2. Mario
3. Muhamad Galih
4. Mega
5. Salsabila
6. Sella.

“Situ Tjiburuy”

          Panas na panon poe, nyinaran muka bumi ieu, ditambah angin sepoy sepoy anu matak nyieun hirup teh jadi nikmat. Di hiji poe di teras imahna, si Asep nuju ngahuleng kabingungan, kusabab parantos sababaraha poe teu aya deungeun sangu, si Asep kabingungan poe isuk tuang jeung naon. Ti harita keneh teh kurunyung Aki Ujang tatanggi si Asep, maneh na leumpang sabari mamawa alat mancing. 

          "Kunaon anjeun sep, siga nu salatri kitu" saur si Aki sabari nyamperkeun teh
          "Abdi bingung ki, poe isuk tuang sareng naon, teu aya deungeun sangu na" tembal si Asep sabari ngahuleng ka bingungan
          "Tos sabaraha poe anjeun teu aya deungeun sangu sep, naha teh nyarios ka aki" tembal si aki sabari nepak punduk si Asep
          "Atuh isin ki, maenya kudu nyuhunkeun deungeun sangu ka aki mah" jawab si Asep sabari masang raut beungeut era
          "Aduh siga ka saha wae sep, tos teu nanaon engke mah lamun bingung teu aya deungeun sangu, bebeja we ka Aki nya sep"
          "Nya ki siap, hatur nuhun pisan"tembal si asep sabari salim ka si aki
          "Tos teu kudu bingung, ayeuna mah mending ngiring aki ka situ, urang mancing"
          "Wah sigana rame ki, itung itung milarian deungeun sangu jang isuk" jawab sumanget si asep. 

          Teu lila ti dinya, kurunyung si Lina, pamajikan si Asep nu di pikanyaah jeung di pikacinta pisan ku maneh na. Pamajikan si Asep ngadangu pikeun caroge na nyaeta si Asep bade angkat mancing. 

          "Ieu atuh a, candak opieun sareung eueut na jang diditu meh teu lapar, pasihan oge si Aki" saur pamajikan si asep sabari mamawa opieun jeung minuman
          "Ohh enya neng, engkin ku aa di candak" 
          "Sok cing sumanget mancing na sugan we aya milikna" ucap pamajikan si Asep sabari pinuh ku harepan
          "Aamiin yaa rab" tembal si Asep sabari ngadoa supaya mancing aya milikna. 

          Di tengah tengah lalampahan, si asep nanya ka si Aki ngeunaan sajarah Situ Ciburuy, si Aki nyarita eta situ eta teh baheula na mangrupakeun 2 buah sungai leutik, nu tungtung na papanggih di desa letik nu ngaran na Desa Ciburuy, ayeuna jeuro na lewih ti 10 meter, tapi ayeuna cai na beuki dangkal, tapi anehna laukna asa teu beak beak, tapi jauh saacan eta, Situ Ciburuy ieu teh mangrupakeun paninggalan ti Prabu Kian Santang, Situ Ciburuy teh baheula na mangrupakeun tempat pamandian sapasang badak, saurna mah badak bercula satu teh emang aya di dieu. 

          Teu puas nepi dinya, si Asep masih panasaran ngeunaan carita Situ Ciburuy. Si aki ngajelaskeun pas masa kerajaan, situ ciburuy teh baheula na di jadikeun panggung kesenian jeung arena laga kanggo para jawara, nu menang di eta arena teh bakal diutus ka medan perang, jeung maneh na dijadikeun pamingpin. 

          Teu karaos parantos dugi di situ ciburuy, tempat mancing poe ayena asep jeung Aki Ujang.
 
          "Alhamdulillah nepi oge" ucap si Aki sabari ngesang kacapean
          "Alhamdulillah nya ki"
          "Tos ayeuna mah urang fokus mancing nya, sugan we aya rezeki na, engke deui we nya nyarita ngeunaan Situ Ciburuy teh. 

          Ngadangu si aki nyarios kitu, si asep malah nambah rasa panasaran na, didinya si Asep naros deui ka si Aki, ngeunaan naha ngaran na "Situ CIburuy", si Aki ngajawab nyaeta eta situ di pasihan ngaran situ ciburuy teh kusabab ieu situ baheula na loba buruy, pinuh pisan, jadi nepi ka ayena kasohor ngaran situ ieu teh Situ Ciburuy.

          Panon poe lalaunan parantos teuaya, tapi si Asep sareung Aki Ujang teu parantos menang hasil. 

          "Ki, naha ieu teh kamarana laukna meni teu menang hiji hiji acan, nepika ieu opieun sareng cai sareep, sigana mah pedah Asep ngiring mancing nya jadi lauk na sieuneun" ucap si asep sabari pasrah, cangkel nungguan lauk lila
          "Atuh sanes pedah kitu sep, saur kolot baheula mah, mancing didieu mah emang hese, nepika aya nu teu menang hiji hiji acan, kudu pas hujan mancing didieu mah, saurna seueur nu menang lauk gede, tapi Asep kudu sabar nya engke ge pasti menang lauk na"tembal si aki sabari nenangkeun jeung nepak punduk si asep. 

          Teu lila ti dinya, akhirna si Asep sareng Aki Ujang menang lauk, masing masing menang 4 siki lauk sagarede ramo. Didinya si Asep bungah pisan, soalna maneh na isukan bisa tuang sareng lauk, si Asep ngahaturkeun nuhun ka si aki ujang parantos ngajak si Asep mancing sareung nyaritakeun sejarah Situ Ciburuy. Harita keneh teh si Asep langsung ngajak uih ka si Aki.

          Di sapapanjang jalan uih, si Asep teu eureun ngahaturkeun nuhun ka Aki Ujang, kusabab maneh na isukan tiasa tuang jeung lauk, tiasa nyaho sejarah tentang Situ Ciburuy sareng menangkeun elmu anyar.

          "Alhamdulillah ki, hatur nuhun nya tos ngajak abi mancing, duh ieu lumayan seueur lauk na, kanggo aki nya sawareh" ucap si Asep sabari sumringah kasenengan 
          "Nya sami sami sep, teu kedah ieu ge Aki menang seueur, nu penting mah Asep sareng pamajikan di bumi tiasa tuang, sugan we cekap jang tuang sababaraha poe mah" tembal si Aki sabari sueri nembal omongan si Asep

          Teu karasa parantos nepi oge di imah si Aki, si Asep pamit bade uih ka si Aki

          "Ki, Asep uih heula nya, nuhun pisan ieu lauk na" ucap si Asep sabari nga jingjing lauk
          "Eunya sep sami sami, aki bade uih heula nya" tembal si Aki
          "Eunya ki, abi tipayun nya" ucap si Asep 

          Si Asep sareung Aki Ujang tidinya papisah, uih ka bumi masing masing, si Asep aya deungeun tuang jang enjing, kitu oge sareung si Aki aya tuang jang enjing. Si Asep bersyukur pisan boga tatanggi sapertos Aki Ujang, tos mah bageur, pinter, jeung nyaah ka si Asep.

Komentar

Postingan Populer