BIOGRAFI JEFRY NICHOL - KELOMPOK 3

 

Jeffry Nichol atawa biasa disebut Nichol nyaéta selebritis di Indonésia. Anjeunna lahir di Jakarta, kaping 15 Januari 1999. Anjeunna mangrupikeun anak cikal ti John Hendri sareng Junita Eka Putri, sareng gaduh adik awewe namina Jessie Putri. Salian ti dipikawanoh ku peranna dina rupa-rupa film jeung sinétron, manéhna ogé dipikawanoh salaku selebritis internét sarta ngabogaan loba pengikut dina média sosial. Anjeuna gaduh hobi fotografi,Jangkungna 174 cm sareng beuratna 65 kg

Saatos lulus Smp, Nichol diajar di SMK Tunas Jakasampurna jurusan teknologi. tapi lantaran  jadwal syuting nu padet sareng sibuk, anjeunna mutuskeun pikeun neruskeun atikan ngagunakeun métode home school. Kusabab umur 11, anjeunna ngamimitian karirna salaku modél sareng dina yuswa 14, anjeunna mulai debut dina akting/seni peran. Nepi ka taun 2017, anjeunna maénkeun peran utama dina flim anu judulna Dear Nathan, Pertaruhan, Surat Cinta untuk Starka, Aku Benci dan Cinta, Jailangkung, sareng One Fine Day. manéhna ogé ngabogaan gagasan jeung pikiran aktif dina karyana di dunya peranna.

Tanggal 22 Juni 2019, Jefry Nichol kalibet dina kasus narkoba anu anjeunna ditahan salila kurang leuwih dua bulan tuluy direhabilitasi di Rumah Sakit Kecanduan Obat (RSKO) Cibubur. Tapi, ku pangrojong kulawarga jeung ma salaku jalma anu penting pikeun manéhna, ayeuna manéhna bisa caang deui kawas baheula. Malah, kiwari ngaranna beuki moncorong jeung dipikawanoh ku urang luar negri.


..

Disusun ku :

  1. Argi Rizki Ramadhan
  2. Ibrahim Fahmi
  3. Imas Sulastri
  4. Nahda Keyza
  5. Rheza Aditya Al Reyvan
  6. Salsabila Nurfalah

Komentar

  1. Biografina atos saé. Kantun dibaca sareng dipeunteun ku réréncangan

    BalasHapus
  2. Sella Lestari

    Tina biografi Jeffry Nichol, aya 7,5 unsur biografi anu tercantum dina éta biografi, diantarana ; poin no 1, 2, 3 (tapi teu aya pasipatanana), 4, 5, 6, 7, sareng 8.

    BalasHapus
  3. Di paragraf kahiji aya kasalahan penulisan nyaéta di kalimat akhir, "..fotografi, Jangkungna.." sareng teu aya titik di akhir kalimatna.

    BalasHapus
  4. Nazwa

    Di paragraf kadua aya kasalahan penulisan nyaéta di kalimat pertengahan ka akhir, "Surat Cinta untuk Starka". Menurut kelompok 2 mah anu leres téh, "Surat Cinta untuk Starla".

    BalasHapus
  5. Kevin

    Di paragraf kadua aya kasalahan penulisan nyaéta di awal kalimat aya kata, 'Smp' anu kedahna ditulis make huruf kapital janten "SMP".

    BalasHapus
  6. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  7. Sacara kaseluruhan, kelompok 2 méré peunteun 75 tinu 100 sabab ngan aya 8 unsur éta gé aya hiji unsur nu teu lengkap sareng loba kasalahan dina panulisan.

    BalasHapus
  8. Rifki

    Di paragraf katilu atawa akhir aya kasalahan penulisan nyaéta di kalimat pertengahan ka akhir, didinya aya, "..jeung ma.." maksadna 'ma' didieu téh naon?

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan Populer