Ngaguar Tradisi Seni Budaya Sisingaan (Kelompok B-6)

 Ngaguar Tradisi Seni Budaya Sisingaan

sejarah

Awal ayana kasenian sisingaan nu aya di Kabupaten Subang asalna tina ritual masyarakat anu bade nyundatan putrana kucara dihibur pangheulana anu diarak keliling kampung ngango korsi anu di hias. Gerakanna anu masi ngagunakeun gerakan baku atawa anu di sebatna gerakan saayana.

Kuaya perubahan waktu sareng zaman. Pergeseran fungsi sareng kreatifitas masyarakat jampana seer perubahan tina bentuk patung singa bongsang nyaeta patung singa anu di jieun tina karangka bambu anu di bungkus karung goni sareung sampeanna anu di jieun tina awi randu jeung buukna anu di jieun tina  tutup botol minuman dingusung ku opat orang pengusung.

Kasenian sisingaan awalna tina kagiatan masyarakat Kabupaten Subang tina kaarifan sapopoe jeung didukung ku masyarakatna,berkbang janten seni hiburan.Korsi nu dihias kanggo objek property perubahan sareng tina seni fungsi, stuktur pertunjukan dugi kana kostum anu dianggo ditinggal tina segi fungsi kasenian sisingaan awalna sebagai kasenian anu berkembang dimasyarakat. Anu di anggo kanggo sajian hiburan area panggung,sedangkeun tina masa ayeuna kesenian sisingaan lain hungkul kanggo hiburan hajatan khitanan hungkul tapi oge sok diangge tina acara besar atawa khusus. Perubahan kasenian sisingaan ieu nu ngajadikeun identitas produk budaya masyarakat Kabupaten Subang, sakaligus ngajadikeun icon daerah Kabupaten Subang.

Tujuan

Tradisi sisingaan nu aya di Subang mangrupakeun simbol perjuangan rakyat Subang nyangharepan penjajah jeung kanggo memeriahkan acara acara anu khusus.

Sisingaan oge mangrupakeun simbol perlawanan rakyat Subang nyangharepan penjajah khususna Belanda jeung Inggris, anu dina kakuasaan kerajaan Inggris. Singa oge ngalambangkeun kategasan, kakuatan jeung kagarangan tina nyangharepan penjajah.

Sisingaan oge ditampilkeun jang ngamemeriahkan acara anu sapertos khitanan jeung upacara resmi.
Sisingaan teh mangrupakeun kasenian anu asalna ti Subang, Jawa Barat.Kasenian iyeu oge anu sok disebut gotong singa atawa odong odong,anu di jieun tina bambu jeung kaen warna warni.

Pelaksanaan

Ti ngawitan magelaran sisingaan nu kahiji nyaéta aya kagiatan bubuka, nyaéta ku nyanggakeun igelan sareng gerakan khusus kanggé bubuka sareng numpakeun budak sunat nu janten sarat kanggé acara pagelaran. 

Anu kadua, nyanggakeun hiburan sareng réngkak ibing sisingaan anu disanggakeun kanggé umum dugi ka tuntasna.

Kanggé penutupan, pagelaran sisingaan ditutup ku atraksi sisingaan anu di sanggakeun ku sadayana personil. Dina atarkasi éta, sadaya personil nyanggakeun sagala atraksi khusus nu tos disiapkeun ti awal pagelaran. Dina atraksi éta, aya sababaraha hiji jenis atraksi nu di tampilkeun nyaeta anu sok disebat melak cau, gugunungan, kakapalan, sareng sajabana. Salian ti éta, dina nampilkeun atraksi personil kedah nyanggakeun bodor atau lawak kanggé ngahibur sadaya penonton. 

Alat-alat

Pagelaran sisingaan sok dipirig ku musik atanapi gamelan anu ngandung maksud sareng tujuan supados ngareuah reuah tur janten patokan dina rengkak ibing sisingaan. Aya sababaraha hiji alat musik anu di tabeuh dina nyarengan pagelaran sisingaan diantawisna nyaéta na kendang, saron, Bonang, panerus, Peking, tarompet, palintung, kecrek, jenglong, jeung goong. 
Alat inti nu janten simbol kanggé pagelaran teu aya sanés nyaeta sisingaan. Salian ti sisingaan, aya alat anu nyarengan tur ngalengkapan sekaligus janten layan singa diantawisna nyaéta aya mamanukan sareng nanagaan.







___________________________________________________________________________________
Artikel ieu disusun ku:
1. Evan Agustian Al Gifari (Pelaksaan)
2. Rifki Dwi Permana (Alat-alat)
3. Reski Yuliani (Tujuan)
4. Salsabila Nur Falah (Sajarah)

Referensi:

Komentar

  1. penulisana tos alus sareng aya foto foto ogé janten anu maca jadi terang aya naon waé

    BalasHapus
  2. tos sae sabab informasi anu dibere tos rinci - fitrah

    BalasHapus
  3. sae sabab eusina tos lengkap, jeng penulisanna tos leres

    BalasHapus
  4. Penulisannya Alus sareng ngajelaskeun na tiawal nepi ka akhir leres lengkap -diki

    BalasHapus
  5. tri septiani
    1. Kasenian Sisingaan di Kabupaten Subang mimitina ti tradisi pikeun nyambut anak anu anyar disunatan, sarta terus mekar janten seni hiburan anu kreatif jeung simbol perjuangan ngalawan penjajahan. Ayeuna, sisingaan téh teu saukur hiburan, tapi ogé jadi identitas budaya anu ngagambarkeun semangat gotong royong jeung kekuatan masarakat. Pagelaran ieu ngalibetkeun atraksi humor, diiringi musik gamelan, sarta maké alat pelengkap anu nambahkeun kahirupan dina pertunjukan. Kiwari, sisingaan geus jadi ikon budaya Subang anu ngahubungkeun sajarah, budaya, jeung hiburan.

    2. saacan ngalakukeun atraksi diselingan ku bobodorank

    3.kuduna nulis sejarah di saentos judul teh "s" na gede

    4. 98/100

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan Populer