Tradisi Nadran (Kelompok B-1)
TRADISI NADRAN NYANGHAREUPAN BULAN SUCI RAMADHAN
Bulan Ramadhan mangrupakeun momen istimewa pikeun umat Islam di sakuliah dunya. Persiapan nyambut bulan suci ieu oge teu leupas tina tradisi unik di sababaraha daerah. Salah sahiji tradisi anu masih keneh dijaga nepi ka ayeuna nyaeta "Nadran". Biasana, jalma ngalakukeun tradisi ieu samemeh bulan Ramadhan kalayan nganjang ka makam karuhun atawa kulawarga anu parantos pupus. Nadran asalna tina basa Arab "nadhara" anu hartina "janji". Tradisi ieu minangka wujud tina janji karuhun pikeun ngumpulkeun sarta mendoakeun kulawarga anu tos pupus. Biasana, jalma ngalakukeun tradisi ieu ku cara meresihan makam, ngado'a, sareng nabeuhkeun kembang. Loba anu masih ngajaga tur neruskeun Tradisi Nadran ti jaman baheula.
Biasana waktos nadran dilakukeun ngadeukeutan ka bulan suci Ramadhan. Nanging, upami urang badé lebet kana bulan puasa ieu, biasana urang ngajak murangkalih, istri sareng kulawarga ageung. Henteu ngan ukur ngadoa, urang ogé ngabantosan ngabersihkeun kuburan anu leres-leres dibersihkeun ku pangurus kuburan.
Aya oge palaku dina kagiatan nadran nyaeta kulawarga anu dikantunkeun, ninggal tina hasil wawancara oge, narasumber nyebatkeun dimana dina kagiatan nadran, biasana kulawarga anu dikantunkeun datang ka makam kangge ngiriman doa tur mersihan makam, kusabab biasana penjaga makam oge teu bisa nalingakeun kana tiap makam nu aya, janten kulawarga nu ditinggalkeun nu ngurus makam boh mersihan atawa naburkeun bunga sareng manjuran ku cai.
Sanajan henteu merlukeun alat husus, aya sababaraha hal anu sering dipaké pikeun ngajaga adab ziarah. Kahiji, cai sering dipaké pikeun ngabersihan wewengkon sabudeureun makam ti jukut, daun, atawa taneuh. Ieu téh minangka tanda paduli sarta ngahormat ka jenazah, sanajan teu wajib. Kadua, sababaraha jalma mawa kembang salaku simbol hormat, tapi dina Islam dianjurkeun ulah kaleuleuwihan. Inti tina ziarah téh nyaéta ngadoakeun, lain ngalakukeun ritual anu teu diajarkeun dina syariat.
Salajengna, sapu dipaké pikeun ngabersihan makam ti lebu sarta kotoran, minangka bentuk paduli ka tempat pamakaman. Sanajan kitu, kabersihan kubur henteu jadi tujuan utama. Terakhir, Al-Qur'an atawa buku doa penting dibawa pas ziarah. Maca doa atawa ayat-ayat Al-Qur'an, sapertos Surah Al-Fatihah, Al-Ikhlas, atawa Al-Baqarah, dipercaya tiasa masihan kahadéan pikeun arwah. Rasulullah SAW ngajar umatna pikeun mendoakeun arwah sabab doa téh tiasa ngabantu maranéhna di alam kubur. Maka, ziarah kubur jadi sarana mendoakeun supaya arwah anu maot dipasihan ampunan sareng tempat anu hadé di sisi Allah SWT.
Aya sababaraha tata cara sareng adab ziarah kubur anu perlu diperhatoskeun. Kahiji, disunnahkeun wudhu saméméh ziarah, saperti saméméh sholat. Kadua, ucapkeun salam ka ahli kubur ku cara nyanghareup ka rarayna. Katilu, maca istighfar minangka salah sahiji adat anu perlu dilakukeun nalika ziarah kubur. Kaopat, maca surat-surat pondok saperti Al-Fatihah, Al-Ikhlas, Al-Falaq, jeung An-Naas. Kalima, disunnahkeun maca do'a ziarah kubur bari nyanghareup kiblat. Kagenep, hadé pisan lamun teu maké sendal nalika leumpang di sabudeureun kuburan, iwal upama taneuhna panas atawa baseuh. Katujuh, ulah diuk dina kuburan sabab Rosulullah SAW ngalarang éta hal. Kadalapan, diijinkeun nyiram cai atanapi nyebarkeun kembang di luhur kuburan. Kasalapan, jaga kabersihan ku cara teu ninggalkeun runtah atawa ngaruksak tatangkalan di sabudeureun kuburan. Pikeun pakéan, disarankeun maké pakean Muslim/Muslimah anu longgar, henteu ketang, henteu transparan, sarta nutupan aurat. Tungtungna, tong ngiritik atanapi nyarita anu teu hade ngeunaan ahli kubur. Sadaya ieu dilakukeun pikeun ngajaga kahormatan jeung kesakralan tempat kuburan.
1. Narasumber ngora (Masyarakat)
nami : Muhamad Rifki
usia : 17 tahun
jenis kelamin : Laki-laki
alamat : Kp. Tegalaja, Sukatani
tempat / tanggal lahir : Bandung, 18 Maret 2007
2. Narasumber kolot (Masyarakat)
nami : Neng Elin Nurhayati
usia : 44 tahun
jenis kelamin : Perempuan
alamat : Kp. Tegalaja, Sukatani
tempat / tanggal lahir : Bandung, 25 Juni 1980
Arikel ieu disusun ku :
° Penjelasan : Maura Pelina A
(https://nuralamhotel.com/tradisi-nadran-dan-maknanya-menjelang-ramadhan/)
° Waktos : Kevin Dwi Putra S
° Palaku : Argi Rizqi R
° Alat & Bahan : Sofi Putri A
° Tata Cara : Putra Surya R





Dina paragraf terakhir, aya kalimah anu salah kurang bener kalimat na, nyaeta anu pas bagean "henteu ketang" nu kedahna meureun "henteu ketat"
BalasHapusKomentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapus•Tingkesan
BalasHapusTradisi Nadran mangrupikeun adat nganjang ka makam karuhun saméméh Ramadhan. Kegiatan ieu ngalibatkeun beberesih makam, ngadoa, sareng naburkeun kembang salaku bentuk hormat ka arwah. Tradisi ieu dimaksudkeun pikeun ngumpulkeun kulawarga sareng mendoakan anu parantos pupus.
•Hal nu ngirut
Hal anu menarik tina nadran teh nyaeta tiasa kumpul sareng kulawargi yen ngado'akeun anu pupus sarta ngabersihan makam meh katinggal bersih
•Kabahasaan
bahasa na tos leres jeng tanda baca na ge tos leres
•peunten skala 90/100
Ngalalui artikel ieu, urang bisa leuwih ngarti kana makna tradisi Nadran, anu teu saukur ngeunaan ngadoa pikeun karuhun, tapi ogé ngenalkeun prinsip-prinsip dasar agama Islam ngeunaan kabersihan, kesederhanaan, sareng hormat ka jenazah.
BalasHapus