Tuntunan kegiatan Nisfu Syaban Kelompok B-9


 sumber:https://images.app.goo.gl/xKhNsu2DrL1yrHnXA

     Sejarah tentang nisfu syaban anu dilansir tina buku anu judulna "Mana Dalil Malam Nisfu Syaban?" anu ditulis ku Ustaz Ma'ruf Khozin, di sebatkeun bahwa sababaraha ulama, misalna al-Hafidz Ibnu Rajab al-Hanbali nyebatkeun bahwa amaliyah nifsu syaban pertama kali na dilaksanakeun ku kalangan Tabiin di Syam, nyaeta Luqman bin Amir, Makhul jeung sajabana (Lathaif al Ma,arif). Al-Imam Al-Qasthalani ngajelaskeun awal mula aya na peringatan malan nisfu syaban di kitab na Al-Mawahib Al-Laduniyah anu gaduh arti : "Tabi'in tanah Syam seperti Khalid bin Ma'dan dan Makhul, mereka bersungguh-sungguh dalam beribadah pada malam Nisfu Sya'ban. Nah dari mereka inilah orang-orang kemudian ikut mengagungkan malam Nisfu Syaban. Dikatakan, bahwa telah sampai kepada mereka atsar israiliyat (kabar atau cerita yang bersumber dari ahli kitab, Yahudi dan Nasrani yang telah masuk Islam) tentang hal tersebut." Pas perayaan malam nisfu syaban mulai viral jeung seueur dilaksanakeun, jalma jalma miboga pandangan anu beda tentang nisfu syaban, sabagian jalma jalma aya nu narima, sabagian jalma jalma oge anu mungkir eta nisfu syaban.

     Sajaba ti eta, nisfu syaban oge miboga syariat anu dianjurkeun kanggo dilaksanakeun pas malam nisfu syaban nyaeta nu kahiji ngalobakeun doa saprak terbenam na matahari, ngalobakeun baca istighfar, ngalobakeun maca syahadat, nga baca surah yasin saloba 3 kali sa atos solat maghrib, nu terakhir nyaeta ngalakukeun shalat sunnah peting, contohna siga shalat tahajjud, hajat, sareung witir. Nisfu syaban oge miboga makna anu jero kanggo kahirupan saorang muslim, . Momentum ieu ngingetkeun jalma ngeunaan penting na intropeksi diri jeung ngabenerkeun diri. Nisfu syaban oge jadi waktu anu tepat kanggo memperdalam hubungan sareung Allah Swt.

      Teras aya oge manfaat nisfu syaban teh nyaeta dimana di pertengahan nisfu syaban anu di waktoskeun na kaping 15 syaban teh eta ngandung manfaat ageng pisan terutami Allah SWT maparin 300 anugrah kanggo urang sadayana oge 300 pintu rohmat oge pengampunan ti Allah SWT. Aya oge anu ngalaksanakeun puasa nisfu syaban anu bisa ngahapus dosa sataun sateuacan jeng sataun sa atos na, nisfu syaban oge wengi anu di ijabah na satiap do'a sareng oge nyeeran do'a anu kangge di ijabah ku Allah SWT.

     Ku kituna oge anu tiasa ngiringan Nisfu syaban teh sadayana umat islam di kalangan murangkalih, dewasa, nini-nini, aki - aki, anu tos sepuh oge tiasa ngiringan. Kanggo anu ngalaksanakeun solat nisfu syaban nyaeta kangge nyaketkeun diri ka Allah SWT, nyuhunkeun pengampunan, sareng oge ngaraih berkah jeng rohmat na. Istri anu nuju halangan tiasa ngalakukeun amalan nisfu syaban anu biasana di lakukeun sapertos maca yasin 3× ngan teu tiasa nyepeng Al-Qur'an janteun tiasa na tina hp teras te tiasa leubet ka masjid ngiringan na di luar masjid atau di bumi.

     Nisfu Sya'ban penting dina Islam sabab dianggap salah sahiji peuting anu mulya. Sanajan henteu wajib pikeun dirayakeun, umat Islam sering ngamangpaatkeun waktu ieu pikeun memperbanyak ibadah sareng nyuhunkeun pangampura. Aya sababaraha alesan kunaon Nisfu Sya'ban dianggap istimewa :

1. Pangampura 

Aya hadis anu nyebutkeun yén dina peuting 15 Sya'ban, Allah SWT bakal masihan pangampura ka sakabeh hambana kecuali anu musyrik (nyekutukan Allah) atanapi anu masih kénéh dendam ka batur. Ku sabab éta, malam ieu dianggap minangka kasempetan pikeun introspeksi diri sareng ngadeukeutkeun diri ka Allah.

2. Persiapan Ramadhan

Nisfu Sya'ban sering dianggap minangka waktu pikeun persiapan mental sareng spiritual nyanghareupan bulan suci Ramadhan, anu bakal datang teu lami deui.

3. Tradisi Ibadah Sunnah

Di sababaraha komunitas Muslim, tradisi ngalakukeun ibadah khusus, sapertos shalat sunnah, dzikir, maca Yasin, sareng doa khusus pikeun kebaikan dunya jeung akhirat, parantos janten kabiasaan turun-temurun.

      Nisfu Sya'ban salawasna dipigawe dina peuting tanggal 15 bulan Sya'ban nurutkeun kalender Hijriah. Dina taun 2024, peuting Nisfu Sya'ban diperkirakeun bakal datang dina Minggu peuting, 24 Maret 2024, nepi ka isukna, Senén, 25 Maret 2024 (tapi tiasa beda-beda gumantung kana rukyat hilal di wewengkon masing-masing). Tradisi Nisfu Sya'ban ieu sering diiuhan ku amalan sapertos maca Al-Qur'an, ngalakukeun doa, dzikir, shalat sunnah, jeung nyuhunkeun pangampura ti Gusti Allah. Malam ieu dipercaya minangka waktu anu pinuh ku rahmat sareng pangampura.

      Tempat Nisfu Syaban, biasana dilaksanakeun di masjid, atawa di imah masing-masing. Dina wengi Nisfu Syaban, umat Islam biasana ngalaksanakeun doa bersama, tahlilan, atanapi dzikir minangka bagian tina upacara agama pikeun ngadoakeun keselamatan jeung ampunan tina Allah SWT. Ieu acara teu kudu di tempat khusus, bisa dilaksanakeun di mana wae salami éta tempat bisa ngumpulkeun jamaah atawa kulawarga.

     Amalan Nisfu syaban

- Menghapus dosa

- Memperdekat diri dengan allah

- Memperoleh keberkahan keampunan kepada allah

- Mempersiapkan diri untuk menjelang memasuki bulan suci ramadhan.





Artikel ie di susun ku kelompok B-9

Muhammad galih paragraf 1 sareng 2

Rina Karlina paragraf 3 sareng 4

Sella lestari paragraf 5 sareng 6

Muhammad rizki paragraf 7

Komentar

  1. Mengutip buku Keagungan Rajab & Sya'ban oleh Abdul Manan Bin Hj. Muhammad Sobari disebutkan beberapa hadits Rasulullah SAW yang berkaitan dengan malam Nisfu Syaban. Rasulullah SAW menyebut malam Nisfu Syaban merupakan waktu pencatatan amal kebaikan setiap manusia.

    Usamah bin Zaid berkata. "Ya Rasulullah SAW, aku tidak pernah melihatmu berpuasa sebanyak di bulan Sya'ban." Rasulullah SAW berkata, "Ini adalah bulan yang tidak banyak diperhatikan orang-orang antara Rajab dan Ramadhan. Ini adalah bulan saat berbagai amalan diangkat kepada Allah SWT. Aku suka amalanku diangkat saat sedang berpuasa." (HR Imam An-Nasa'i).

    Dalam Kitab Syu'ab al-Iman juga terdapat riwayat yang menyebut bahwa Allah SWT akan mengampuni hamba-Nya yang memohon ampun pada malam Nisfu Syaban. Rasulullah SAW bersabda,

    "Apabila tiba malam Nisfu Syaban, maka malaikat berseru menyampaikan dari Allah: adakah orang yang memohon ampun maka aku ampuni, adakah orang yang meminta sesuatu maka aku berikan permintaannya." (HR Baihaqi)

    BalasHapus
  2. Wahh, tradisi keagamaan ini sangat menarik.

    BalasHapus
  3. Nama: Nazwa Faujiyah

    Artikel tos lengkap tapi aya kasalahan di paragraf ka 2 nyaeta aya tanda koma sebelum titik, kuduna tanda koma na di hapus.

    BalasHapus
  4. Risya Fitria

    1. Sejarah tentang nisfu syaban anu dilansir tina buku anu judulna "Mana Dalil Malam Nisfu Syaban?" anu ditulis ku Ustaz Ma'ruf Khozin. Teras aya oge manfaat nisfu syaban teh nyaeta dimana di pertengahan nisfu syaban anu di waktoskeun na kaping 15 syaban teh eta ngandung manfaat ageng pisan.

    2. Dina artikel iye tertarik nyaeta loba manfaat na di malam nafsu Sya'ban, bisa nga hapus dosa

    3. Artikel tos sae sareng lengkap nga dina paragraf 3 kurang tanda ", " Nyerocos macama

    4. Atos sae menurut Abdi nilai na 90

    BalasHapus
    Balasan
    1. Hade pisan artikel iye abi nepika resep macana ku abi di pasihan nilai 95

      Hapus
  5. hade pisan abi nepi resep maca iye artikel, abi masihan nilai 95

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan Populer